Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"

Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA" - Hallo sahabat Soal Pelajaran, Pada Artikel yang anda baca kali ini dengan judul Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA", kami telah mempersiapkan artikel ini dengan baik untuk anda baca dan ambil informasi didalamnya. mudah-mudahan isi postingan Artikel Bahasa Sunda, Artikel SMP, yang kami tulis ini dapat anda pahami. baiklah, selamat membaca.

Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"

Berikut contoh bahan lomba pidato bahasa sunda jenjang SMP, semoga bermanfaat contoh pidato Bahasa Sunda ini.

PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA

Assalamu’alaikum wr.wb.

Ibu Bapa girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan nu hadir di ieu tempat anu sami nuju bajoang.

Tos sakedahna pisan dina wanci ieu urang munajat ka Alloh SWT anu parantos ngusik malikkeun urang saban waktos, siang kalawan wengi. Oge kalintang saena urang muji ka Gusti, anu parantos maparin jatah yuswa ka urang sadaya ti kawit gubrag ka alam dunya dugi ka jajapna engke ka yaumiljaza.

Para wargi sadaya hormateun sim kuring.
Sateuacanna sim kuring neraskeun ieu biantara ti payun neda tawakuf anu kasuhun, boh bilih sim kuring kirang tata-titi, duduga peryoga, rumaos sim kuring mah sanes pujangga nu maher ngararangken cerita, sareng sanes jalmi nu pinter ngalarapkeunana.

Para wargi sadaya, dina ieu kasempatan sim kuring bade nyobian medar perkawis “Perluna Ngamumule Basa Sunda”. Basa the mangrupa jandela dunya. Ciri tina jati diri manusa anu ngancik di hiji nagri. Kitu deui basa Sunda, nu mangrupa salahsahiji bagean tina budaya di Indonesia. Basa nu mibanda kaendahan nu sampurna. Sanes mung sakadar kanggo gunem catur wungkul, naming oge mangrupa basa batin nu tiasa mangaruhan ka unggal jalmi nu Makena. Matak tengtrem kana ati sanubari kanggo anu ngaregepkeunana. Tos janten pasipatan urang Pasundan nu handap asor, someah hade ka semah, tur darehdeh, ku margi kenging pangaruh ti basa Sunda anu tos sakedahna diangge sadidintenna.

Namung hanjakal pisan, jaman kiwari sawatara nonoman Sunda tos hampir hilap kana basa warisan para karuhunna. Teu sadar upama laun-laun mah, basa nu kapungkur dipikareueus serta diagul-agul the bakal ilang tanpa karana tina kahirupan urang nu aya di tatar sunda. Seueur para nonoman Sunda nu kirang ngajen kana basa sorangan. Kitu oge teu tiasa dina ngalarapkeunana. Saupami urang negetan kana paripolah bangsa urang ayeuna, kalebet nonoman Sundana, boh dina sasauran atanapi dina paripolah sadidinten, sok matak ngahariwangkeun. Margi asana teh parantos tebih tina ajen inajen bangsa urang, komo upami ditilik tina ajen-inajen karuhun mah. Hal sarupa kitu, sigana arang langka nu malire. Mangga urang emutan, seueur keneh nonoman Sunda, seler suku Sunda, anu dumuk di tatar Sunda, namung masih teu tiasa nganggo basa nu bener tur merenah.

Dina danget ieu pisan, sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur nu aya di tatar Sunda, hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, sasarengan miara tur ngamumule basa Sunda. Bade ku saha deui atuh dipiara sareng dimumulena, upami sanes ku urang sorangan. Mangga geura aremutan.

Hadirin hormateun sim kuring.

Sakitu anu kapihatur, naon rupi hal nu dikedalkeun tadi the mangrupi bangbaluh nu nyangkaruk dina ati salami ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios tadi teh pondok nyogok, panjang nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Haturnuhun kana sagala rupi perhatosanana.

Wassalamu’alaikum wr.wb.



Link Unduh

Baca juga




Demikianlah Artikel Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"

Sekianlah artikel Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA" kali ini, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sampai jumpa di postingan artikel lainnya.

Judul : Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"
link : Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"

0 Response to "Contoh Pidato Bahasa Sunda "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA""

Posting Komentar